Web Blog Resmi SMPN 2 Cisarua KBB

Jumat, 27 Mei 2011

Aksara Sunda


Tips & Trik Gancang Apal Aksara Sunda
Ku : Hendi Fadilah Nataku, S.Pd.
( Guru Basa Sunda SMPN 2 Cisarua)
Mikawanoh Hendi












Aksara Sunda atawa sok disebut ogé kaganga, kiwari geus remen dipaké.Pamarentah jawabarat anu dikokojoan ngawitan ti kota bandung salaku poseur dayeuh jawa barat geus mimiti make aksara sunda salasahijina dina plang ngaran jalan anu aya di kota bandung disagedengeun aksara latin dihandapna dilengkepan ku aksara sunda. Salian ti plang jalan anu make aksara sunda aya ogé sababaraha instansi siga Dinas Pariwisata dan Kebudayaan atawa RRI Bandung anu geus dilengkepan ku aksara sunda. Pamakean aksara Sunda dina sababaraha pasilitas ieu ngajadikeun kawajiban sangkan ulah ngan saukur ditulis barijeung anu jadi pamaca nyaéta masarakat umum teu ngarti cara maca aksara Sunda. Paradigma yen ngapalkeun aksara sunda hese ngajadikeun bangbaluh, padahal lamunseug prak dimimitian mah kurang ti 30 menit bisa mikawanoh sarta miharti Aksara Sunda.
Salahiji trik pikeun gancang apal akasara sunda nyaeta ku cara nyieun papasingan sakabeh aksara sunda dumasar kamiripan nulisna. Contona rea aksara sunda anu mirip, parobahana mung saukur tina nambahan pola dasar contona wae aya pola dasar huruf Z,U,M,G angka 7,3 jrrd. Sa’badana dikelompokeun dumasar kamiripan bentuk dasar mah dijamin gancang apal dina miharti aksara Sunda.
Titenan table ieu dihandap mangrupa aksara sunda saba’dana dikelompokeun dumasar kamiripan bentuk dasarna.
Cara ngapalkeunana bisa ditengetan sababaraha kali dumasar kamiripanna
Wilujeng diajar mugia mangfaat kanggo sadayana hususna para nonoman ngora sangkan bisa diamalkeun deui ka balarea.

1 komentar:

  1. Bagi Guru-guru pengajar di SMPN 2 Cisarua, Silahkan isi halaman ini.

    BalasHapus